Alternatif jawaban lain :
1 Kaayaan Tanah Sunda téh gemah ripah.
Gemah ripah = kerta raharja.
2 Urang kudu towéksa ka Tanah Sunda.
Towéksa = tulatén
3 Dina miara Tanah Sunda, urang kudu percéka.
Percéka = pinter ngatur sagala urusan
4 Kudu tulatén atuh ari miara tanah pusaka mah.
Tulatén = getén, titén, henteu lalawora dina ngurus gawé.
1 Sangkan nanjeur, urang kudu rumaksa ka Tanah Sunda.
rumaksa = ngaraksa, miara
2 Sangkan tetep beresih, urang kudu miara lingkungan.
miara = ngamumulé, ngurus
3 Ngarah awét mah, urang kudu rumawat kana banda urang.
rumawat = dirawat, diurus, dipiara
4 Sing titén kana barang jeung lingkungan téh.
titén = taliti, rumawat
1 Lamun baris di buruan upacara, ketua murid kudu ngatur barisan.
ngatur = ngolah, mémérés
2 Unggal musim patani ngolah sawah pikeun dipelakan paré.
ngolah = ngokolakeun
3 Urang kudu ngariksa budaya Sunda sangkan teu leungit.
ngariksa = ngarawat, miara, ngurus
4 Hirup jeung tatangga kudu sauyunan ulah sok papaséaan.
sauyunan = akur tur babarengan
1 Lamun rék ngayakeun kerja bakti, urang kudu singkil heula.
singkil = sayaga, taki-taki
2 Basa jeung budaya Sunda kudu diraksa sangkan tetep hirup.
diraksa = dirawat, dipiara, diurus
3 Kebon téh kudu dirumat sangkan hasilna mucekil.
dirumat = dirawat, dipiara, diurus
4 Sunda bakal kukuh mun diraksa jeung diruat ku urang.
kukuh = pageuh atawa kuat nyekel tangtungan.
KEMBALI KE MATERI : KELAS 4 TEMA 6 SUBTEMA 2
Tidak ada komentar:
Posting Komentar